Pakeman
Basa ( Idiom )
Ieu gaduh peperinian
pakeman basa, bilih aya nu meryogikeun mangga nyanggakeu
Pakeman Basa ( Idiom )
Pakeman basa mangrupa wangunan basa anu husus tur mandiri
sarta harti nu dikandungna henteu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun
harti tata basa atawa harti nu dikandung ku unsur2 pangwangunna .
Pakeman basa dina basa
kostana disebut idiom, asalna tina basa Yunani idios hartina has, mandiri, husus atawa pribadi.
Pakeman basa teh lahir
ku ayana rupa2 cara enggoning nyebut atawa mere ngaran kana sagala rupana nu
kanyahoan ku urang (katenjo, kadenge, kaambeu, karasa jeung kapikir). Cara2na
mere ngaran (sesebutan) teh bisa nurutkeun tiruan sora, sasaruaan, bahan,
tempat asalna, nu nyieunna, nu nimuna, sipatna, sabagian anggapan jeung lian ti
eta.
Wanda Pakeman Basa.
Anu kaasup kana pakeman
basa teh, diantarana ditetelakeun ieu dihandap :
1. Babasan, nyaeta ungkara winangun kecap (kantetan) atawa frasa anu
susunanana geus matok tur ngandung harti injeuman. Contona : ngaburuy,
ceuli lentaheun, panjang tangan
2. Paribasa, nyaeta ungkara winangun kalimah atawa klausa nu kekecapan
katut susunanana geus matok, maksudna geus puguh, biasana ngandung
harti babandingan atawa siloka lakuning hirup manusa.
Contona : Anjing
ngagogogan kalong ; Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak.
3. Gaya Basa, nyaeta rakitan basa anu dipake sangkan nimbulkeun pangaruh anu
leleb ka nu maca atawa ngaregepkeun.Gaya basa teh mun dipake estu jadi
mamanis basa, tetela maksudna, teleb karasana jeung alus iketanana.
Contona : Tuang
putra teh kirang pisan dina matematikana.
4. Caturangga, nyaeta pakeman anu netelakeun tanda2 kuda, hade henteuna pikeun
diingu.
Contona : Buaya ngansar.
5. Cacandran, nyaeta panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun.
Contona: Bandung heurin
ku tangtung
6. Uga, nyaeta tujuman anu aya patalina jeung parobahan penting,
babakuna parobahan kaayaan nagara/daerah. Geus nepi ka ugana ngandung harti
geus nepi ka waktuna anu ditujum ku karuhun.
Contona : Pulau Jawa
bakal kaereh ku kulit koneng lilana saumur jagong,
7. Rakitan lantip, nyaeta susunan kecap anu dihartikeun ku kabiasaan make dadasar
kalantipan.
Contona : Emh, bau nu
ngagoreng tarasi.
8. Kecap kiasan, nyaeta kecap anu hartina dipapandekeun kana hartina kecap
anu sejen
Contona : Si Eta mah teu
kaop maju, sok gumede.
Hapunten bilih lepat,
punten panglereskeun, upami kirang mangga tambihan
Hatur nuhun
Gagak Hideung
Tidak ada komentar:
Posting Komentar