Rabu, 27 Januari 2016

Lagu Darso

Duriat – Darso

Dina haté kuring anjeun cicing
Dina haté anjeun kuring cicing
Bener-bener henteu bisa ngejat
Dibeungkeut ku tali duriat

Sanajan loba nu daratang
Pating kuriling neangan lawang
Pating kaletrok kana panto haté
Tapi ku urang teu dipaliré

Duriat teu bisa digantian ku rupa
Duriat teu bisa dihilian ku harta
Duriat teu bisa di aya-aya
Duriat datang na heunteu kapaksa

Dikotretkeun dina haté tidituna
Diguratkeun dina rasa tidituna
Dibuka di baca ku urang duaan
Di jaga di riksa pinuh rasa ka heman


Boga kabogoh jauh
Meuntas laut leuweung gunung
Tapi apél teu bingung
Cukup hallo na telepon
Kuring di pulau jawa
Manéhna pulau sumatera
Lamun malam mingguan
Mojok via SMS-an
Jelema palinter
Dunya beuki maju
Najan urang pajauh
Bisa ngobrol unggal waktu
Tiap SMS-an atawa nelepon
Teu jadi pikiran
Kajeun pulsa kabobolan
Nu penting mah bisa ngobrol jeung manehna
Boga kabogoh jauh
Meuntas laut leuweung gunung
Tapi apel teu bingung
Cukup hallo na telepon…..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar